Minggu, 30 November 2014

~~> cimata bagja <~~

Aya nu murubut tina juru mata
ngamalir mapay damis
kalis ngagulidagkeun gerentes
galecok palebah tungtung basa
nyata lain tunggara
atra lain nalangsa
ieu cimata cinta...
ieu rasa bungah nu rohaka...
ieu inghak bagja...
Numinuhan rohangan rasa
___ehm cinta___

Deudeuhsalamina
Santi S. Natawiriya

Senin, 17 November 2014

~~> ringkang karingrang <~~

Ngalenyepan galecokna hate
nu nyamuni satukangeun girimis peuting ieu...
aya hariring nu ngagerihan
aya dangding nu nurihan ati
naha cangcaya masih ngaraja dina manah salira....?
naha karingrang masih ngalagu dina basa salira....?
carita nu kamari ukur warna lampah kuring
carita nu baheula ukur udat hirup kuring
kabeh carita geus di pungkas, kabeh geus di pangkas, geus koredas !!!
taya deui nu nyesa dina mamaras
ayeuna....
ukur salira nu marengan lengkah
ukur salira tutungkusan  kaheman
ukur salira nu di pi asih
ukur salira nu di piheman
ukur salira kembang harepan
nu jadi impenan kabagjaan
ayeuna jeung saterusna

humandeuar....mungguh cinta nu sajati
moal la'as sanajan tinemu dodoja
mugia.....

#deudeuhsalamina

~~ girimis cinta ~~

Marengan girimis
keclak - keclak cihujan maseuhan diri
estu tengtrem
atra nyieuhkeun sagala karingrang
malidkeun sakabeh ringkang kamelang
kuring teu kabulusan...!
jirim teu katirisan...!
mungguh haneut ku rasa cinta
nyangsaya ku  endahna simut katresna
antawis girimis, kuring, salira, wengi ieu...
natrat cinta nu rohaka
nu moal cidra sanajan loba nu codeka
cinta kuring....
lir girimis....wening mapaes diri
ukur kanggo salira.....

# deudeuhsalamina