Minggu, 08 Juni 2014

~> impènan <~

Peuting kamari nu jadi saksi
Ligarna kembang kahèman
Mekarna pucuk impènan
Dua ati silih paheutkeun pasini

Peuting kamari nu nyaksèni
Keclak ibun kadeudeuh maseuhan
Dua diri nyipta harepan
Nyimpay duriat pikeun ngajadi

Kuring hayang peuting kamari jadi ciri
Natratna lèngkah -léngkah pasti
Turus cinta urang nu sajati
Papagon urang geusan ngahiji

Aaarrrggghhh...

Kuring hayang salamina jiga peuting kamari
Silih simbeuh kadeudeuh
Silih tampeurkeun  kageugeut
Silih simbutan ku katresna
Silih pèpèndè ku dangding kaasih

Kuring hayang salawasna jiga peuting kamari
Nganti balébat diantara truk - trekna wanci
Muru sumiratna giwangkara dina séahna sagara cinta urang duaan

Mugia bagja sapaneja ___

~> Talatah <~

Jungjunan...
Dina salambar serat kanggo salira...

Nyawang wanci nu pinasti
Nyorang mangsa nu mustari
Aya haréwos karémpan
Nyampak geter karingrang
Nu kebek minuhan lolongkrang hatè
Nu natrat masieup simpé

Jungjunan...
Dina salambar serat kanggo salira...

Nganti wanci geusan pa'amprok
Mapay titisangsa geusan pajonghok
Naha bet hangham...?
Naha bet rémpan...?

Jungjunan...
Dina salambar serat kanggo salira...

Nyipta baris nyimpay katresna
Aya sakeclak munajat
Mugia bagja matri duriat
Urang pa'amprok geusan ngedalkeun pasini
Tepung pikeun nyantèlkeun tatali asih
Patepang kanggo nyacapkeun geter - geter katresna
Ngabakutet cinta urang ku pirang - pirang kahéman
Nu saur anjeun bakal nyanding kabagjaan keur dua'an

Jungjunan...
Sabaran...!
Leukeunan...!
Antosan...!
Kuring pasti nepangan salira
Mawa salambar harepan
Urang panggih pikeun silih pika'asih
Bagéa___